Kamis, 14 Desember 2017

Harti Babasan Jeung Paribasa Sunda




Babasan

Babasan teh kaasup kana basa pakeman. Ari nu di maksud babasan nyaeta ucapan matok anu ges puguh enteup seureuhna nu di pake dina harti injeumanana. Jadi lain harti sajalantrahna. Eusina mangrupa babandingan sipatna hiji barang atawa kaayaan serta ges ngawangun hiji kecap. Contohna: gede hulu, panjang lengen, herin ku letah, jeung kuru cileuh kentel peujit.

Kulantaran mangrupa basa pakeman tea, tangtu we babasan teh teu bisa di robah, boh ungkarana, boh kekecapanana. Upama di tambah, dikurang, atawa di lemesken, sipatna bisa jadi robah jeung hartina oge bisa jadi robah deuih. Ges puguh ari camplang mah. Upama bae babasan Gede Hulu di lemesken jadi ageung mastaka, atawa dirarangkenan jadi ngagedean huluna; jelas karasa camplang jeung hartina oge robah deuih.


Paribasa

Naon ari paribasa?

Sarua kaasup keneh bahasa pakeman. Paribasa teh babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun hiji omongan (runtayan kecap) anu ges puguh eunteup sereuhna, ges puguh surupanana, serta ges tangtu pokpokanana.

Sarua jeung babasan, paribasa oge teu bisa di robah ungkatana jeung kekecapanana. Bedana teh, paribada mah meh mangrupa kalimah.

Upama urang hayang nyaho naha eta teh paribasa atawa lain, bisa di cocogkeun jeung sawatara katerangan dihandap.




  1. Paribasa sipatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandekeun.


  2. Paribasa teh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.


  3. Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarat anteub kana hate nu di bawa nyarita


  4. Paribasa teu bisa di robah, di kurangan, dilewihan, atawa di lemeskeun kekecapanana, sabab ges mangrupa basa pakeman.




Ditilik tina maksud anu di kandungna, paribasa teh bisa di pasing-pasing jadi tilu golongan, nyaeta:




  1. Paribasa wawaran luang

    Esina ngebrehkeun pangalaman anu geud lumrah di masrakat, serta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang.

    Contohna:


    • Adat ka kurung ku iga. Hartina, adat atawa kabiasaan anu geus hese dipiceuna.


    • Mihape hayang ka heulang. Hartina, mihape atawa titip barang ka nu geus kanyahoan teu jujur.


    • Kokoro manggih mulud, pyasa manggih lebaran=Mangpangmengpeung.


    • Iwak nangtang sujen. Hartina, wani nyorang pibahayaeun.


    • Hulu gundul di hihidan. Hartina, Nu keruntung tambah untung.




  2. Paribasa Pangjurung laku hade

    Esina pikeun pangjurung milampah kahadean.

    Contona:

    • Ari di arah supana, kudu di jaga catangna. Hartina, ari aya barang (banda) anu di ala hasilna, kudu daek ngurusna.


    • Amek sadu santa budi = Soleh hate.


    • Cikaracak ninggang batu, laun laun jadi legok. Hartina, Upama di lekeunan bari junun sagala rupa nu hese oge bakal bisa.


    • Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal. Hartina, hirup ati ati make itungan.


    • Kajeung panas tongong asal tiis beuteung= nuduhkeun jeuleuma getol di gawe, cape oge ngereyeh we, nu antukna bisa menang pangupa jiwa.




  3. Paribasa panyaram lampah salah

    • Cul dogdog tinggal igel = Hartina, Ninggalkeun gawe baku, terus migawe pagawean nu teu aya hasilna.


    • Meungpeun carang ku ayakan. Hartina, api-api teu nyaho, nganteup jeuleuma anu migawe pagawean salah.


    • Kawas awi sumaer di pasir. Hartina, luak-leok pikir, teu puguh tangtungan.


    • Pupulur memeh mantun. Hartina, menta buruhan memeh prak digawe.




0 Tanggapan:

Posting Komentar